Postingan

RAJAH BUBUKA

  lain ngusik ula mandina lain ngahudang macan turunna lain ngungkit nu kamari lain ngungkap nu baheula rek ngaguar tutungkusan karuhun amit ampun nya paralun ka gusti nu maha Agung ka nabi anu linuhung Muhammad anu jinunjung rahmat sapa'at kasuhun simkuring neda papayung ka luruh neda papayung papayung nu maha Agung ka handap neda pang raksa pang raksa nu maha Kawasa kaler kulon kidul wetan mugi di aping di jaring ti luhur ti karuhun ti buyut ti nini aki nu nurunkeun kabudayaan degung pantun tembang kawih ieu abdi sadayana seja ngaraksa mupusti seja ngaraksa mupusti amit kanu mangku lembur kanu nyungsi dinu sepi nu keur genah tumaninah bisi ka usik keur calik ka langkah kal liliwatan neda agung nya haksami ka langkah kal liliwatan neda agung nya haksami ***   ahung ahung ahung ahung , guru iman guru putih iman putih lalakina nuhun di ijabna bubuana dipareng ku rarangtapa hanceuk cihaliwung cihaliwung nyakiduleun cisadane nyakaler belah cipakancilan nunjah ka salengpakujanohon...